Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 1)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 1)

Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan.

Kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih.

- ALLOH -

1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H
Assalamu’alaikum, ka muslimin wal muslimat,

asalamu’alaikum, ka mu’minin wal mu’minat.
Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur’an,

juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh.
An-Naba’ nami suratna, tujuhdalapan nomerna,

dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima,
Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,

pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian,
Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,

nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti.
Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,

kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing,
Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,

engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna.
Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,

mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.
2. ALLOH SWT ANU NYIPTA BUMI ALAM (:78/6,7) - rhs, 30 Jumadilawal 1424 H
Nadoman surat An Naba’, sareng nu jadi ayatna,

ayat genep sareng tujuh, eusina ngandung pituduh.
Alloh Anu Maha Agung, Nu Kawasa sakalangkung,

nyipta bumi saeusina, sadaya damelana-Na.
Ngagelar jadi daratan, sinareng ngaplak lautan,

gunung-gunungna ngajega, eta teh jadi paseukna.
Jeung parentul pasir-pasir, pagunungan tingjalegir,

eta teh pikeun patokna, nyaimbangkeun ieu dunya.
Kitu agungna Pangeran, anu nyipta bumi alam,

urang wajib takwa iman, ka Alloh Nu Maha Heman.
3. ALLOH SWT ANU NYIPTA MAHLUK (:78/8,9) - rhs, 1 Jumadilahir 1424 H
Dangukeun ieu nadoman, kahaturkeun patarosan,

saha anu nyipta urang, nyipta wengi sareng siang.
Sumangga geura diwaler, sangkan manah urang leler,

tambih panceg kaimanan, keur ngandelan kayakinan.
Saha anu nyipta urang, ngahaja dipasang-pasang,

aya pameget jeung istri, nu engkena laki-rabi.
Sareng saha nu mepende, urang teh tiasa sare,

ngalenggut raos nundutan, kulem tibra nanakeran.
Cik mangga geura waleran, sumangga geura lenyepan,

mahaakbarna Pangeran, Maha Welas Maha Heman.
4. RAHMAT SARENG NI’MAT TI ALLOH SWT (:78/10,11) - rhs, 2 Jumadilahir 1428 H
Sumangga geura lenyepan, eusina ieu nadoman,

welas asihna Pangeran, seueurna tanpa wilangan.
Mangsa magrib layung ngempur, palih kulon hurung mancur,

langit lir disipun emas, matak hebat matak waas,
Poek mimiti ngalingkup, indung peuting geus ngarukup,

dur magrib muadzin adzan, sorana antare pisan.
nu sholat enggal sarumping, di disarung nu disamping,

ka mushola nu ka tajug, ka masjid pada ngajugjug.
Ya Alloh ku ni’mat pisan, sujud payuneun Pangeran,

nampi nuhun ka Ilahi, anu maparin rejeki.
Henteu lami tengah peuting, nu kulem tibra ngajempling,

dikirna marengan nafas, tibra kulrem bari iklas.
Ya Alloh Ilahi Robbi, jog anjog wanci janari,

anu kulem gugah sakedap, solat tahajud teu hilap.
Tengah wengi sujud sukur, ka Alloh Nu Maha Gofur,

sujud tobat ka Pangeran, hoyong lubar kalepatan.
Ya Alloh Ilahi Robbi, nu tahajud sujud lami,

cisocana teh nyakclakan, sajadahna kabaseuhan.
Sujudna teuing ku husu, dikir sajeoring kalbu,

pertobatna iklas pisan, miharep rido Pangeran.
Aya anu kulem deui, nampi ni’mat ti Ilahi,

henteu lami adan subuh, gugah deui rada rusuh.
Siram beberesih diri, abdas ku cai nu suci,

solat subuh di mushola, berjamaah sadayana.
Teu lami dunya bray caang, panon poe hurung herang,

sadaya pada mariang, nu tatanen anu dagang.
Usaha nyiar kipayah, da eta jadi tarekah,

ihtiar nyiar rejeki, paparin Ilahi Robbi.
5. RAHMAT SARENG NI’MAT PAMAPARIN ALLOH SWT (:78/12,13,14,15,16) - rhs, 3 Jumadilahir 1428 H
Ieu wargi sadayana, sumangga dangukeun heula,

ieu nadom kahaturkeun, dangukeuneun lenyepaneun.
Sumangga tingali langit, wedel mo bisa disebit,

langit nyusun tujuh lapis, ku urang henteu katawis.
Euleuh itu panonpoe, medal unggal-unggal poe,

ti wetan surya bijilna, di kulon engke surupna.
Panonpoe palitana, nyaangan saalam dunya,

jadi cekas titingalan, dunya ngampar endah pisan.
Henteu lami aya mega, kumalayang di angkasa,

langit ngadak-ngadak mendung, pihujaneun enggeus mayung.
Teu lami hujan miripis, murupuy hujan girimis,

paralak hujan ngerepan, nyebor darat jeung tegalan,
Geus kitu breng tutuwuhan, jararadi subur pisan,

ngemploh hejo titingalan, nu daunan nu kembangan.
Tutuwuhan subur pisan, henteu lami baruahan,

cukul pisan pepelakan, patani barungah pisan.
Kitu asihna Pangeran, ka mahlukna mikaheman,

nu mawi kedah sukuran, nampi ni’mat ageung pisan.
6. ANU DISEBUT POE FASHLI TEH NYAETA POE CUNDUKNA KIAMAT (:78/17,18,19) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H
Nu disebut poe Fashli, eta teh teu aya deui,

iwal ti poe kiamat, poe wawales teu lepat.
Lajeng ditiup sangkala, kiamat dadak sakala,

sadaya mhluk palastra, pada ngaleupaskeun nyawa.
Panto langit nembrak muka, sareng kabeh nyawa jalma,

lumebet ka eta panto, panto langit nu molongo.
Poe Fashli bakal cunduk, bakal maot sugri mahluk,

sadayana tilar dunya, kiamat teh nya harita.
7. ALAM DUNYA ANCUR LEBUR (:78/20) - rhs, 10 Jumadilahir, 1428 H
Ari dintenan kiamat, estu kajadian hebat,

dunya genjlong gunjang-ganjing, ngarandeg henteu nguriling.
Gunung gunung tingbaliur, rabeng haliber kalabur,

tingsoloyong tingkoleang, tingbelesat ngawang- ngawang.
Gunung-gunung teh baritu, sawareh pada diadu,

henteu aya anu nyesa, alam dunya jadi rata.
Anu nyesa kari lebu, ngebul di dieu di ditu,

alam dunya ririakan, hawa panas nyongkab pisan.
8. ANU KAPIR DIASUPKEUN KA NARAKA (:78/21,22,23) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H
Poe Fashli poe ahir, cilaka jalma nu kapir,

nyawana teh matak watir, sabab hirupna mubadir.
Ka naraka disuntrungkeun, seuneu panas disampakkeun,

sabab keur hirup di dunya, ka Alloh teu iman takwa.
Di narakana teh langgeng, abadi saendeng-endeng,

panto naraka ditutup, panasna moal kauntup.
Nu kapir disiksa beurat, langgeng keuna ku pangla’nat,

cilaka estu cilaka, nu kapir bakal disiksa.
9. KAAYAAN ANU KAPIR DI JERO NARAKA (:78/24,25) - rhs, 10 Jumadilahir 1428 H
Lamun bae urang terang, anu kapir keur dipanggang,

dikulub jero naraka, estuning watir kacaida.
Maot henteu hirup henteu, diduruk jeroning seuneu,

halahab hanaang pisan, hayang nginum kapanasan.
Nu aya cai ngagolak, panas pacampur jeung ruhak,

bau bangke matak utah, da pacampur reujeung nanah.
Kitu gambaran naraka, nu matak urang sadaya,

kudu iman kudu takwa, ka Alloh Nu Maha Esa.
10. WAWALES KA JELEMA ANU KAPIR TEH SAIMBANG JEUNG DOSANA (:78/26,27,28,29,30) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H
Dangukeun ieu nadoman, pikeun jadi paringetan,

saha nu nolak Al-Qur’an, tangtuna kenging siksaan.
Komo anu nyebut palsu, kana Al-Qur’an teu ngaku,

Al-Qur’an disebut dongeng, nu kitu dosa singhoreng.
Ari siksa nu katampa, saimbang reujeung dosana,

moal langkung moal kirang, siksaan bakal saimbang.
11. JELEMA TAKWA KA ALLOH SWT BAKAL KA SAWARGA (:78/31,32,33,34,35,36) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H
Bagja teuing nu muslimin, keur muslim teh sarta mu’min,

jaga bakal ka sawarga, sabab iman sarta takwa.
Sawarga teuing ku endah, patempatan matak betah,

seueur kembang seueur buah, estu matak tumaninah.
Buah anggur ruruntuyan, cukul sakur kekebonan,

gelas kristal nu harerang, ngaleueut lamun hana’ang.
Dijaga ku mojang geulis, lalucu sarta maranis,

di sawarga matak betah, teu aya pisan kasusah.
Sawarga teh keur ganjaran, ka jelema anu iman,

Alloh Anu Maha Heman, ka mahlukna anu iman.
12. ALLOH SWT ANU MAHA KERESA (:78/37,38) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H
Gusti Alloh Nu Kawasa, Gusti Alloh Maha Esa,

Pangeranna jagat raya, nu disembah ku mahlukna.
Dina dintenan kiamat, jaga di alam aherat,

taya nu wani unjukan, iwal mun widi Pangeran.
Malaikat nu ngajajar, sadaya wirid istigfar,

mun ku Alloh dipariksa, unjukan satarabasna.
13. POE KIAMAT TEH BAKAL KAJADIAN (:78/39) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H
Eling-eling yeuh baraya, dangukeun ku sadayana,

nadoman penting kacida, matak kudu iman takwa.
Ari perkara naraka, eta teh pasti ayana,

kahade ulah cangcaya, urang wajib percayana.
Lamun hayang ka sawarga, atuh kudu iman takwa,

nyembah ka Alloh Nu Esa, ulah nyembah ka berhala.
14. DINA POE KIAMAT AMAL IBADAH TEH SADAYANA NEMBRAK (:78/40) - rhs, 13 Jumadilahir 1428 H
Ieuh dulur sadayana, dangukeun nadoman heula,

eusina penting kacida, pamungkas surat An-Naba’.
Ari kiamat teh pasti, bakal cunduk hiji wanci,

nembrak gawe unggal jalmi, sakabehna ge kaciri.
Tah harita kajadian, anu kapir gogoakan,

amal gawe kabandungan, nembrak kabeh kasaksian.
Leungeunna kabeh nyarita, naon nu dipigawena,

anggota badan lianna, jadi saksi ka dirina.
Anu kapir teh careurik, hanjakal keur hirup musrik,

mending keneh jadi lebu, moal ngalaman hanjelu.
Jadi taneuh mah teu nista, da tara milampah dosa,

jadi manusa mah nista, da bongan milampah dosa.
TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, Tina Surat AN- NABA’

Tidak ada komentar:

Posting Komentar