Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 5)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 5)

41. PERBAWANA DUNYA (:2/67,68,69,70) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,

marageuhan bebeneran, asa bener ceuk sorangan.
Dugi ka dawuh Ilahi, dirugal-rigel pribadi,

ngahaja ditarekahan, sangkan teu karurugian.
Nyieun rupaning alesan, ngahaja dipalikiran,

dawuh Alloh diakalan, sangkan jadi kauntungan.
Saperti urang Yahudi, awahing nyaah ku sapi,

api-api nu teu ngarti, kana dawuhan Ilahi.
Nu kitu munapek pasti, saperti urang Yahudi,

bakal dibendon ku Gusti, Alloh mah Maha Tingali.
42. LEUWIH TI CADAS TEUASNA (:2/71,72,73,74) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Sadaya nu kajadian, nu nembrak nu dibunian,

sadaya ge kauninga, ku Allah Azza Wa Jalla.
Tapi mungguhing manusa, estuning hese kacida,

teuas lir batu hatena, leuwih ti cadas teuasna.
Mugi bae Anu Agung, Maha Asih sakalangkung,

hate nu teuas lir cadas, sina leyur mangka bangblas.
Tina cadas anu teuas, sing ngocor cai ngagenyas,

Alloh mah da Maha Welas, ka mahlukna mikawelas.
43. ULAH TUTURUTI (:2/75,76,77,78) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Kade ulah tuturuti, bari urang tacan ngarti,

percaya ka saha boa, nu ngabuih cacarita.
Ayat pidawuh Pangeran, dirarobah ku sorangan,

bari manehna ge terang, yen laku kitu dilarang.
Matak kudu leukeun pisan, eusi Qur’an pek lenyepan,

ulah rek bodo balilu, ka batur ngan ula-ilu,
Ngan ngareungeu dongeng batur, teu diayak teu diukur,

ngan ukur dikira-kira, nu kitu matak cilaka.
44. ULAH NYARITAKEUN ANU URANG HENTEU TERANG (:2/79,80,81,82) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Kungsi aya kajadian, akon-akon mokahaan,

ngarang tulisan sorangan, pajar teh kenging Pangeran.
Nu kitu kaleuleuwihi, ngaleuwihan dawuh Gusti,

tinangtu bakal balai, di narakana abadi.
Tong micatur nu can sidik, lamun urang tacan telik,

tong mastikeun nu can terang, nu kitu nyanyahoanan.
Diri ulah kalimpudan, ku dosa jeung kasalahan,

muga-muga mu’min iman, kenging ridoning Pangeran.
45. ULAH NYEMBAH BERHALA (:2/83) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Omat-omat ulah salah, ka Alloh urang sumembah,

ulah nyembah ka berhala, eta dilarang kacida.
Ka sepuh kedah ngahormat, ngajenan hormat tilawat,

sopan santun sareh soleh, ka sasama teh darehdeh.
Nu yatim jeung nu pahatu, kudu ditulung dibantu,

ka jalma anu malarat, kudu heman kudu ha’at.
Nyarita jeung tatakrama, lemes budi hade basa,

hablum minanas teh penting, silaturahmi nu wening.
46. ADATNA JELEMA KAPIR (:2/84,85,86) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Ari adat anu kapir, reujeung dulur silih usir,

jeung baraya mumusuhan, ku Pangeran dibenduan.
Komo jeung wani maehan, ka barayana sorangan,

nyieun hukum ceuk sorangan, eta teh dilarang pisan.
Kaasup nyanyahoanan, liwat wates kaleuwihan,

pajar teh geus ngaku iman, tapi ayat dipilihan.
Lamun hirupna geus nista, geus komo di aheratna,

disiksa langgeng kacida, abadi di narakana.
Bodona katotoloyoh, ngayun napsu tambah jojoh,

meuli dunya ku aherat, nu kitu meunang pangla’nat.
47. TAKABUR SIPAT ANU AWON (:2/87,88) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Takabur teh sipat awon, ku Alloh bakal dibendon,

nu takabur sarta sombong, biasana gede bohong.
Padahal kabeh kabisa, sanes urang anu boga,

titipan ti Nu Kawasa, urang mah ngan ukur darma,
Upami kabisa urang, ku Mantenna sina ilang,

naon nu dipake sombong, teu pantes urang bedegong.
48. ULAH ARAL SUBAHA (:2/89,90,91) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Sering pisan kajadian, lamun gaduh pamaksudan,

seug beda tina ciptaan, tumuwuh kahanjakalan.
Sering pisan kaalaman, kahayang beda buktina,

bororaah rek sukuran, malah mah aral subaha.
Sering pisan kabuktian, harepan jeung kanyataan,

patonggong-tonggong buktina, loba anu ngarasula.
Padahal boa engkena, sagala anu tumiba,

malah alus balukarna, da tangtu aya hikmahna.
49. IMAN KANA AL-QUR’AN (:2/91) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Al-Qur’an teh kitabulloh, pidawuh ti Gusti Alloh,

pikeun mahlukna nu iman, iman takwa ka Pangeran.
Tapi lamun dielingan, andika kalah nembalan,

kana Qur’an moal iman, rek mageuhan cecekelan.
Kuma lamun nu baheula, loba kasalahanana,

naha tetep dipiara, atuh nya rugi ngaranna.
Cecekelan nu baheula, dipageuhan nu pohara,

padahal dawuh Pangeran, kudu iman kana Qur’an.
Al-Qur’an kitab pamungkas, ulah hamham ulah waswas,

ngalelempeng nu ti heula, kitabullah nu baheula
50. PANGARUH HARTA BANDA (:2/92,93) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Ari pangaruhna harta, estu kacida bahlana,

lamun teu bisa makena, sarta teu nyaho watesna.
Kawas umat Nabi Musa, pangna nyarembah berhala,

sapi emas berhalana, sabab muhit kana dunya.
Kitu oge sabalikna, nu ngagugulukeun dunya,

sami jeung nyembah berhala, harta anu disembahna.
Atuh jadi jalma bodo, linglung ngadak-ngadak poho,

lir ibarat nyembah sato, ku harta banda kaolo,

Tidak ada komentar:

Posting Komentar