Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)

15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H

Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan.
Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana, nyawana mugen embungeun, sieun dikanarakakeun.
Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik, tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman.
Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir, bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot.
Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan, tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling.
Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa, marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya.
Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan, terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.
16. MAOTNA JELEMA ANU MU’MIN MAH ESTU PASRAH PISAN (:79/2,3,4) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H
Ijroil diutus deui, nampi pancen ti Ilahi,

pikeun nyabut deui nyawa, nyawana jalma nu takwa.
Ijroil nyanggakeun salam, panghormat ka mu’min Islam,

sang nyawa teh digentraan, seug ka luar lalaunan.
Sang Nyawa lajeng dibetot, ditarik malakal maot,

ditarikna lalaunan, teu pegat maca wiridan.
Ngageleser ngagulusur, lungsur-langsar narik umur,

teu pisan karaos nyeri, pupus iklas rido ati.
Malaikat nu sanesna, lalebet ka salirana,

nyabutan roh nu sanesna, tina sel-sel salirana.
Malaikat nu sanesna, jajap nyawa ka sawarga,

nyawa nu iman nu takwa, pupusna bagja kacida.
Muga teuing diri urang, lamun engke kedah mulang,

lamun geus cunduk waktuna, datang ajal geus mangsana.
Hoyong maot iman takwa, iklas ngaleupaskeun nyawa,

maot nuju muslim mu’min, ngadeuheus Robul a’lamin.
17. SADAYA MALAIKAT PADA KAGUNGAN PANCEN TI ALLOH SWT (:79/5,6,7) - rhs, Jumadilahir 1428 H
Malaikat sadayana, pada kagungan tugasna,

sadaya jadi utusan, kenging pancen ti Pangeran.
Ari tugas malaikat, ngajaga sareng ngarumat,

ngatur sagebarna jagat, henteu aya nu kaliwat.
Bentang-bentang nu di langit, tingcarelak tingkaretip,

panonpoe sareng bulan, sadaya tumut aturan.
Tapi dina hiji mangsa, ngadadak sajagat raya,

ancur lebur pabalatak, dunya bencar paburantak.
Dunya sakitu wedelna, harita ancur sadaya,

eta teh kiamat tea, bakal bukti hiji mangsa.
18. JELEMA ANU GEUS MARAOT BAKAL DIHIRUPKEUN DEUI DINA POE PANGADILAN (:79/8,9,10,11,12,13,14) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H
Dupi poe pangadilan, eta bakal dicirian,

aya tangara soara, nu disebut sangkakala.
Sangkakala nu kadua, sorana tarik kacida,

nu maot harudang deui, ka luar ti jero bumi.
Kabeh manusa degdegan, hatena teh gegebegan,

pikir ketir sieun pisan, mikiran nasib sorangan.
Silih rangkul jeung baturna silih tanya jeung sobatna,

euleuh geuning hirup deui, padahal geus maot lami.
Geus tangtu urang cilaka, da hirup pinuh ku dosa,

rugi teuing diri urang, cilaka henteu kapalang.
Sakabeh umat careurik, rajeg di sagara keusik,

narangtung luhur tegalan, nu legana tan wangenan.
Eta poe pangadilan, bakal nampi kaputusan,

saha anu ka sawarga, jeung saha nu ka naraka.
19. NABI MUSA AS. DIPIWARANG NEPANGAN FIR’AON (:79/15,16,17,18,19,20) - rhs, Jumadilahir 1428 H
Kacarios Nabi Musa, harita linggih di Thuwa,

munajat ka lenggah Gusti, kenging dawuh ti Ilahi.
Pidawuh Alloh Ta’ala, katampi ku Nabi Musa,

yen kedah angkat ka Mesir, nepangan Fir’aon kapir.
Raja Fir’aon kamashur, kaasup raja nu kupur,

galak gangas ngagalaksak, di dunya ngan nyieun ruksak.
Sugan mun ku Nabi Musa, Fir’aon robah adatna,

tina kapir jadi takwa, nyembah ka Alloh Ta’ala.
Lajeng bae Nabi Musa, ngajugjug ka Mesir tea,

maksadna bade nepangan, Fir’aon rek dielingan.
Mun Fir’aon daek eling, ku Musa bakal diaping,

dituyun ka jalan iman, nyembah ka Alloh Nu Heman.
Malah Kangjeng Nabi Musa,ningalikeun muji’zatna,

tapi Fir’aon mantangul,bedegong keukeuh ngabedul.
20. FIR’AON NGANGGAP DIRINA JADI PANGERAN (:79/21,22,23,24,25,26) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H
Dasar Fir’aon nu kapir, hese diajakan lilir,

napsuna angger ngaberung, dasar kapir jalma linglung.
Malah jadi malik ngewa, miceuceub ka Nabi Musa,

pajar sarapna kaganggu, ngaku-ngaku meunang wahyu.
Dikumpulkeun rahayatna, pok Fir’aon teh nyarita,

pangeranna Nabi Musa, eta teh bohong kacida.
Pangeran mah nya kaula, nu disembah sanagara,

Fir’aon anu ngawasa, kitu Fir’aon ngomongna.
Gusti Alloh lajeng bendu, ka mahluk nu model kitu,

anu sombong gede hulu, bakal dila’nat geus tangtu.
Di dunya bakal dila’nat, komo engke di aherat,

kisah Fir’aon baheula, pieunteungeun sarerea.
21. KAAGUNGANANA ALLOH SWT (:79/27,28,29,30,31,32,33) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H
Dangukeun ieu nadoman, sumangga geura lenyepan,

kaagungan Gusti Alloh, estu hebat subhan-Alloh.
Kanggo Alloh mah teu sesah, nyipta manusa sakumna,

kanggo Alloh mah teu sesah, nyiptakeun sajagat raya.
Alloh mah maha-keresa, teu langkung sakeresa-Na,

dunya ngadadak ngagelar, bumi alam lega ngampar.
Geura sumangga tingali, geura titenan ti wengi,

ngadadak poek meredong, leumpang oge rarang-rorong.
Tapi upama ti siang, panonpoe ngempray caang,

sadaya ciptaan Gusti, dibeberes teu pahili.
Lajeng tina sela taneuh, ngadadak taneuh teh baseuh,

malancer cai nyusuna, ngalocor walunganana.
Tina taneuh anu tadi, renung jujukutan jadi,

hejo ngemploh pepelakan, karembangan baruahan.
Tuh tingali itu pasir, ngajajar pating jalegir,

tuh tingali itu gunung, ngabedega jararangkung.
Sadaya ciptaan Alloh, hebatna teh subhan-Alloh,

sadaya pikeun manusa, matak kudu iman takwa.
22. ARI GEUS DATANG KIAMAT KAKARA MANUSA TEH ARELING (:79/34,35,36,37,38,39) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H
Ras emut dinten kiamat, kajadian anu hebat,

ancur lebur alam dunya, kitu deui jagat raya.
Kakara jelema eling, kiamat harita geuning,

datangna ngadadak pisan, tinggaroak jejeritan.
Ras inget kana dosana, dosa nu dipilampahna,

teu lila lawang dibuka, lawang asup ka naraka.
Naraka keur jalma kapir, anu hirupna mubadir,

anu muja kana harta, sarua muja berhala.
Geuning ari kapir tea, rek saha bae jalmana,

anu hirupna pidunya, eta teh kapir sipatna.
Tah jelema anu kitu, ka naraka enggeus tangtu,

bakal jadi balad setan, di naraka pangancikan.
23. SAWARGA TEH PIKEUN JELEMA ANU IMAN TAKWA (:79/40,41) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H
Bagja temen jalma takwa, iman ka Alloh Ta’ala,

anu teu kendat wiridan, nyebat asmaning Pangeran.
Bagja temen jalma mu’min, anu iman hakul yakin,

nu mampuh ngajaga diri, hirupna boga kadali.
Mampuh ngadalian napsu, hirupna henteu kalangsu,

napsu lahir napsu batin, kadalina takwa mu’min.
Jalma anu iman takwa, bakal lenggah di sawarga,

dirahmat ku Nu Kawasa, bagja teuing ahli sorga.
24. IRAHA-IRAHANA KAJADIAN KIAMAT ANU UNINGA ANGING ALLOH SWT (:79/42,43,44,45) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H
Ayeuna oge sok aya, pirajeunan tunyu-tanya,

kiamat iraha bukti, naha beurang naha wengi.
Mun aya nu nanya kitu, pek jawab anu saestu,

kiamat iraha bukti, mung Alloh anu tingali.
Urang mah mung ukur mahluk, saukur tumut jeung tunduk,

ngan ukur ngajadi saksi, kiamat datangna pasti.
Kawajiban diri urang, ibadah peuting jeung beurang,

sumujud ka Gusti Alloh, miharep ridoning Alloh.
Urang mah ukur ngelingan, ngahudangkeun kasadaran,

yen kiamat pasti bukti, kaalaman hiji wanci.
25. URANG HIRUP DI DUNYA TEH HENTEU LAMI (:79/46) - rhs, 18 Jumadilahir 1428 H
Dangukeun ieu sing hidmat, nami surat An-Naziaat,

ayat opatpuluh genep, lenyepan mangka saregep.
Nalika kiamat datang, duka ti peuting ti beurang,

manusa kakara sadar, yen hirup mubah kalantar.
Hanjakal kakara eling, waktuna geus elat teuing,

enggeus beakeun waktuna, nutup lawang pangampura.
Katambah waktu harita, karasa ku sarerea,

di dunya asa can lila, kakara sakedet netra.
Hirup teh asa can lami, asa kakara kamari,

malah asa karek tadi, kitu rarasaan jalmi.
Terang-terang enggeus ahir, dunya eureun henteu muntir,

ancur lebur jagat raya, kiamat teh nya harita.
TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, Tina Surat AN-NAZIAAT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar