Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)

51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Seueur pisan nu nga’dua, hayang paranjang umurna,

Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna.
Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,

Panjang umur teu mangpa’at, lamun henteu daek solat.
Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,

Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah.
Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,

Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.
52. AL-QUR’AN (:2/97,98,99,100,101) - rhs, 4 Syawal 1421 H
AL-Qur’an pidawuh Alloh, nu ngancik di Rosululloh,

dititiskeun malaikat, Jibril mancegkeun amanat.
Al-Qur’an eta bewara, sangkan manusa gumbira,

ayat-ayat eces tembres, tuduh hirup beres roes.
Tapi sawarehna jalma, kana Qur’an teu percaya,

api lain tur cangcaya, nu kitu jalma cilaka.
53. ULAH NGULIK ELMU SIHIR (:2/102,103) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Dina jaman ahir-ahir, loba nu ngarulik sihir,

elmu teluh elmu tenung, dijugjug najan ka gunung.
Jaman Nabi Sulaeman, aya malekat duaan,

ngajarkeun tenung jeung sihir, Harut Marut ahli sihir.
Ngulik sihir rugi pisan, nimbulkeun kamudorotan,

dirina teh ditukeuran, kana harga hina pisan.
Elmu sihir teh ujian, pikeun nguji kaimanan,

naha pageuh iman takwa, ka Alloh Nu Maha Esa.
Loba jalma nu teu kuat, ku elmu sihir kabengbat,

cilaka dunya aherat, ku Alloh bakal dila’nat.
54. KUDU HADE BASA (:2/104,105) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Kudu bisa hade basa, nerapkeun dina pernahna,

sabab lamun salah basa, balukarna teh pohara.
Basa teh gambaran rasa, rasa teh rasa manusa,

manusa teu bisa basa, sok mindeng manggih cilaka.
Jalma mah hade ku omong, goreng oge tina omong,

mun ngomong ulah sabongbrong, ulah sombong gede bohong.
55. MANUSA MAH KAWATESANAN (:2/106,107,108) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Saeusining jagat raya, anu nyumput anu nyata,

di dunya di aheratna, sadaya ciptaana-Na.
Nyipta teu langkung Mantenna, ngamansuh kuma Mantenna,

ngawujudkeun sakersaNa, ngilangkeun ge sakersaNa.
Akal jalma kawatesan, nya kitu oge pikiran,

heureut paningalna jalma, kawatesan kanyahona.
Mungguh Iradah Pangeran, jembarna teh tan wangenan,

nu kanggungan karajaan, sagebarna bumi alam.
56. ULAH KAOLO (:2/109) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Kade andika kabandang, tina Islam jadi nyimpang,

diolo dibibitaan, sangkan pecat kaimanan.
Lamun adika kaolo, atuh geus tetela bodo,

nu matak sing ati-ati, ngajaga diri pribadi.
Lamun urang lemah iman, gampang kaolo kagendam,

Leeh ku dibibitaan, padahal geus iman Islam,
Lamun kairut ku batur, iman Islam jadi luntur,

atuh hirup teh ngalantur, kaburu asup ka kubur.
57. PAGEUH JANGJI (:2/110) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Kapan geus janggji na ati, geus paheut pageuh pasini,

seja bakti ka Ilahi, ka Alloh Nu Maha Suci,
Geus niat rek solat husu, ka Alloh sujud mituhu,

kade ulah lanca-lanci, ngalanggar jangji pasini.
Solat fardu eta kudu, solat sunah teh ibadah,

reujeung ulah poho jakat, eta teh gawe maslahat.
Sagala gawe pribadi, rek nu nembrak rek nu buni,

hasilna ge keur pribadi, tur ku Alloh katingali.
58. ULAH TAKABUR (:2/111,112) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Kaasup jalma nu riya, ujub takabur kacida,

wani nyebutkeun dirina, nu bakal asup sawarga.
Sabab anu ka sawarga, ngan jalma nu iman takwa,

migawe amal ibadah, ka Gusti Alloh sumerah,
Panceg iman henteu hamham, pengkuh pageuh iman Islam,

ari perkawis sawarga, eta teu langkung Mantenna.
59. ULAH ASA PANGBENERNA (:2/113) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Ku urang oge kasaksi, Yahudi sareng Nasrani,

pareheng parebut catur, bener aing henteu batur,
Silih unggulkeun kitabna, silih hina agamana,

pada reueus ku dirina, asa anu panghebatna.
Padahal mung Nu Kawasa, Hakim Nu Maha Uninga,

nu bakal mutus perkara, nu dijieun parasea.
Mending oge runtut akur, akur jeung batur salembur,

tibatan ibur jeung guyur, matak pecoh reujeung dulur.
60. ALESAN JIJIEUNAN (:2/114) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Boa tereh ahir jaman, pedah jaman pangwangunan,

loba nu nyieun alesan, alesan kamalinaan.
Aya masjid dibongkaran, pedah cenah ngahalangan,

henteu luyu jeung rancangan, pasalia jeung aturan.
Sanggeus masjid jadi rata, ngawangunna leuwih lila,

mulan-malen karek nyata, teu merenah kitu peta.
Hatena mah gegebegan, teu kendat ngan rerenjagan,

terus nyarieun alesan, nutupan kateutengreman.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar