Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)

71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,

kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati.
Contona ngadegkeun Ka’bah, ku Ibrahim di baladah,

ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud.
Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,

bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.
72. MUJI KA ALLOH SWT (:2/128) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Sanaos Ibrahim nabi, henteu pegat muja-muji,

neneda ka Maha Suci, miharep asihing Gusti.
Atuh diri urang oge, sami kedah kitu oge,

boh keur diuk boh keur sare, ngadua isuk jeung sore.
Upami aya kabingung, pok unjukkeun ka Nu Agung,

nunuhun kenging papayung, ka Alloh neda pitulung.
Upami kenging kasusah, ulah aral bari luh-lah,

unjukkeun ka Maha Agung, Mantenna tinangtos nulung.
73. NGAMUTOLAAH AL-QUR’AN (:2/129) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Nabi urang sadayana, Nabi Muhamad nu mulya,

tos mulih ka rohmatullloh, di pendemna di Raudoh.
Nya Nabi Muhammad pisan, anu ngeceskeun Al-Qur’an,

pituduh ka unggal insan, dumugi ka ahir jaman.
Qur’an sareng sunah Nabi, eta panuyun sajati,

pigeusaneun unggal jalmi, muru hirup anu suci.
Sanaos nabi geus pupus, ngulik Qur’an kedah terus,

aya Qur’an jeung Sunahna, leukeun ngamutola’ahna.
74. NU MULYA NABI IBRAHIM (:2/130,131) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Nabi Ibrahim kapungkur, jadi karuhun luluhur,

anu diagemna Islam, dumugi ka ahir jaman.
Jadi imamna di dunya, jadi sungapan agama,

kadeudeuh Alloh Ta’ala, awahing ku iman takwa.
Kedal ucap pangakuan, Mung Alloh Nu Murbeng Alam,

sumembah mung ka Mantenna, iman ka Alloh Ta’ala.
75. AGAMA ISLAM (:2/132,133,134) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Kacida pisan bagjana, upamana hirup di dunya,

Islam anu diagemna, agama rido Mantenna.
Kacida pisan rugina, mun maot can iman takwa,

matak enggal-enggal takwa, bisi kaburu palastra.
Nabi Ibrahim nu muslim, amanat ka urang yakin,

yeuh anak incu Ibrahim, tong maot mun acan muslim.
Nabi Yaqub oge sami, amanat ka nu pandeuri,

sumembah teh mung ka Alloh, tur to’at ka Rosululloh.
Eta amanat mantenna, keur ka urang sarerea,

da urang turunanana, tanggung jawab pribadina.
76. ULAH NGABEDA-BEDA UTUSAN ALLOH SWT (:2/135,136) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Kahade dulur baraya, ulah rek ngabeda-beda,

ka para utusan Alloh, sadaya ge rosul Alloh.
Nu beda ukur alamna, jeung beda-beda umatna,

pada nyandak kalamulloh, pada nyandak kitabulloh.
Unggal rosul unggal nabi, pada kenging pancen suci,

saluyu sareng jamanna, pikeun nulungan umatna.
Ari mungguh pikeun urang, nu gelar alam kiwari,

Muhammad panutan urang, utusan Ilahi Robbi.
Sadaya iman ka Alloh, percanten ka Rosululloh,

tuduh jalan tina Qur’an, nu diagem Iman Islam.
77. ALAM DUNYA NU ENDAH (:2/137,138,139) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Ciptaan Alloh Ta’ala, kalintang pisan endahna,

endah teu aya tandingna, tan wilangan pulas warna,
Dicelup ku kanyaahna, dipulas ku kaasihna,

sadayana ngandung ma’na, kaagungan Nu Kawasa.
Sabudeurna bumi langit, estu asri endah wingit,

ti siang atra kasawang, ti wengi baranang bentang.
Tutuwuhan kekembangan, warna-warna endah pisan,

kumelendang sasatoan, rupi-rupi lengkep pisan.
Upami urang nengetan, diciptana kaendahan,

lajengna teh dilenyepan, bakal tambih kaimanan.
Alam dunya ngampar lega, dicipta pikeun manusa,

urang teh kedah sukuran, nampi kaheman Pangeran.
Tadabur alam teh penting, bade beurang bade peuting,

Sangkan urang jadi eling, pikir urang dzikir nyaring.
Kanggo naon pacogregan, kanggo naon pasendatan,

marebutkeun bebenran, mending ge urang sukuran.
78. TANGGUNGJAWAB MASING-MASING (:2/140,141) - rhs, 4 Syawal 1421 H, 17.30
Ahirna mungguh manusa, tanggungjawab ka dirina,

masing-masing pada-pada, naranggel amal gawena.
Ngan ukur silih elingan, ngan ukur silih ingetan,

muga-muga susuganan, daraek tarakwa iman.
Kumaha bagjaning diri, jeung kumaha ceuk pribadi,

da moal robah nasibna, mun teu robah pribadina.
Mugia Alloh Ta’ala, maparinkeun hidayah-Na,

ka urang ka sarerea, sangkan pageuh iman takwa.
Mugi paparin pituduh, sangkan hirup tong kalebuh,

di dunya kenging nugraha, di aherat ka sawarga.
Ya Alloh Pangeran abdi, pancegkeun iman sim abdi,

teguhkeun ibadah abdi, hirup maot kersa Gusti.
Mugi mu’minin mu’minat, sadayana kenging ni’mat,

ginulur kurnia rahmat, di dunya sareng aherat.
Ya Alloh Malikul Alam, mugi panceg iman Islam,

mugia amal ditampi, tawis pangbakti sim abdi.
TAMAT - NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar