Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 2)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 2)

11. CAHAYA KILAT SAJORELAT (:2/19) - rhs, 2 Syawal 1421 H
Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,

ngadadak baranyay kilat, serab kilat sajorelat.
Jelebet sorana tarik, dunya eundeur rek tibalik,

tinggorowok tingkoceak, asa kiamat ngadadak.
Gelap dor-dar tingjelegur, dunya asa arek lebur,

nu munapek tingjarerit, sieun maot jadi mayit.
Careurik aluk-alukan, anak bojo dicalukan,

tapi taya nu nembalan, hayang salamet sorangan.
Kitu misil nu munapek, leumpang ngatog di nu poek,

uyup-ayap rungah-ringeuh, hatena tagiwur riweuh.
Nu munapek lolong hate, teu apal goreng jeung hade,

cilaka estu cilaka, nu munapek ka naraka.
Alloh Nu Maha Ngamurba, ngamurba ka sadayana,

sadaya mahluk Mantenna, Alloh Nu Maha Kawasa.
12. ULAH WASWAS (:2/20) - rhs, 2 Syawal 1421 H
Anu hatena ngolembar, waswas hamham tara sabar,

caang pikir sagebrayan, gancang leumpang rurusuhan.
Reup deui poek meredong, utag-atog rarang-rorong,

jen ngajentul mandeg mayong, paningalna jadi lolong.
Lolong teh lolong batinna, torek teh torek rasana,

musna rasa manusana, nu kitu kapir ngaranna.
Nu matak ulah rek hamham, sabab matak ipis iman,

ulah waswas ragu-ragu, mandeg mayong mundur maju.
13. ULAH SALAH NYEMBAH (:2/21) - rhs, 2 Syawal 1421 H
Eling-eling dulur kuring, sing bisa ngaping ngajaring,

sangkan urang tetep eling, ka Alloh Nu Maha Wening.
Ka Alloh urang sumembah, sumembah iklas tur sadrah,

kade ulah salah nyembah, mung ka Alloh urang nyembah.
Kapan urang diciptakeun, ku Mantenna digelarkeun,

sami jeung anu baheula, nu gelar leuwih ti heula.
Sumujud kedah ka Alloh, wiridan ku asma Alloh,

muntang manteng mung ka Alloh, Maha Suci Gusti Alloh.
14. MATAK WAAS (:2/22) - rhs, 2 Syawal 1421 H
Ya Alloh Nu Maha Akbar, estu waas matak kelar,

ningal daratan nu ngampar, alam dunya nu ngagelar.
Ret neuteup ka awang-awang, megana pating kalayang,

langit teu aya tungtungna, endah temen kasawangna.
Ti siang ngempray caraang, titingalan awas lenglang,

ti wengi bentang baranang, cahaya bulan gumiwang.
Teu lami hujan miripis, ti langit hujan girimis,

hujan rohmat ti Pangeran, Mantenna Nu Maha Heman.
Tutuwuhan breng jaradi, renung dina latar bumi,

sadaya eta rejeki, paparin Ilahi Robbi.
Mekar sakur kekembangan, leubeut sugri bungbuahan,

kukupu gegelebaran, bangbara sareng nyiruan.
Mung ka Alloh nya sumembah, kade ulah salah nyembah,

ulah rek nyembah berhala, sabab eta teh doraka.
15. ULAH HAMHAM (:2/23,24) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Lamun masih keneh hamham, kana eusina Al Qur’an,

pek geura nyieun sasurat, geura tiron ayat-ayat.
Lamun masih ragu-ragu, yen Qur’an eta teh wahyu,

pek jieun sasurat bae, masing alus masing hade.
Sesembahan penta tulung, sangkan ngabantuan nulung,

mun berhala enya luhung, hempek gancang penta tulung.
Tangtu andika mo bisa, jeung tangtu moal rek bisa,

pek jaga diri andika, sangkan ulah ka naraka.
Wahyu teh ti Gusti Alloh, lumungsur ka Rosululloh,

sanes damelan manusa, pidawuh Alloh Ta’ala.
16. WARTA PIKABUNGAHEUN (:2/25) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Aya warta matak bungah, keur jalma anu sumerah,

nu resep amal ibadah, nu ngomean lampah salah.
Ka jalma nu laku hade, rek lalaki rek awewe,

Alloh moal hare-hare, bakal diganjar nu hade.
Matuhna ge di sawarga, sawarga endah kacida,

langgeng matuhna di dinya, nampi kurnia Mantenna.
Linggih di Janatunna’im, patempatan anu mu’min,

sawargana kanimatan, di dunya taya bandingan.
17. TUDUH JALAN (:2/26,27) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Dina Al - Qur’an nu mulya, seueur simbul jeung siloka,

silib sindir jeung sasmita, anu mu’min mah percaya.
Perlambang teh tuduh jalan, nu mu’min percanten pisan,

tapi ceuk jelema kapir, matak sasab silib sindir.
Siloka sareng sasmita, eta pituduh Mantenna,

tuduh jalan ka umat-Na, sangkan teu sasab hirupna.
Pikeun ngahartikeun lambang, urang sing asak jeujeuhan,

maca tapsir tarjamahan, engke aya katerangan.
Saeusina jagata raya, eta ge ayat Mantenna,

upami ditapakuran, seueur rasiah Pangeran.
Ta pi keur jalma nu musrik, silib sindir teu dilirik,

ayat-ayat ti Pangeran, diantep teu dilenyepan.
Dasar jelema nu fasik, hirupna teh estu musrik,

gawe nyieun karuksakan, rugi lain meumeueusan.
18. MULANG KA ALLOH SWT (:2/28) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Ari mungguhing manusa, nya tina taneuh asalna,

barang paeh mimitina, lajeng dipaparin nyawa.
Barang paeh nya asalna, bisa hirup ku Kersana,

Pangersa Alloh Ta’ala, kumelendang ngalumbara.
Lajeng ku Kersa Ilahi, nu hirup teh paeh deui,

mulang ka asalna tadi, sakabehna paeh deui.
Ku Kersana Maha Suci, engke dina hiji wanci,

nu paeh teh hudang deui, marulang deui ka Gusti.
19. TADABUR ALAM (:2/29) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Sumangga tingali bumi, tafakuran ulah lali,

dunya ngampar lega pisan, eta ciptaan Pangeran.
Sakur sugri nu gumelar, pikeun manusa takajar,

mangpa’atna keur manusa, khalifatullah di dunya.
Nu mawi ulah diruksak, alam ulah digalaksak,

pibelkeleun keur manusa, bekel hirup ngalumbara.
Payungna langit melengkung, tawis kanyaah Nu Agung,

wiati nu tujuh lapis, ti langit hujan miripis.
Ngan manusa sok mokaha, mindeng hilap ka Mantenna,

ka Alloh Nu Maha Heman, sok mindeng tara sukuran.
20. IBLIS ANU DORAKA (:2/30;=30) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Kersaning Ilahi Robbi, awalna nyiptakeun jalmi,

sapangersana Ilahi, sadaya tangtos ngajadi.
Malaikat didawuhan, sangkan sumujud ka Adam,

brek sujud taya nu baha, iwal Iblis nu doraka.
Iblis teh sombong adigung, dumeh tina seuneu hurung,

ngarasa unggul kacida, dibandingkeun jeung manusa.
Iblis teh sombong kacida, asa leuwih ti manusa,

padahal sadaya mahluk, ka Alloh mah tangtos taluk.
Padahal anging Ilahi, nu maphum mah anging Gusti,

mahlukna mah moal ngarti, pangna Alloh nyipta jalmi.
Sakur jelema nu sombong, kumaki jeung gede bohong,

eta teh baturna setan, jeung idajli babarengan.
Ku kituna unggal jalma, nu adigung adiguna,

eta teh baladna setan, bakal dila’nat Pangeran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar