Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 7)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 7)

61. NURUL HIKMAH (:2/115) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Sapanjang nyanghareup ngulon, ngetan deui ngetan deui,

sapanjang nyanghareup ngidul, ngaler deui ngaler deui,
Madhab opat sagemblengna, jagat raya sagebarna,

kagungan Alloh Ta’ala, kalimpudan iradah-Na.
Rahmat kurnia Mantenna, ngalingkupan jagat raya,

jembar teu aya watesna, Alloh Nu Maha Uninga.
Sabudeurna puter jagat, estu kalampud kalampat,

kacebor ku rahmat ni’mat, ti Alloh Nu Maha Ha’at.
62. BASA GEUS BEAKEUN KECAP (:2/116,117) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Basa beakeun kecapna, kecap beakeun hartina,

harti beakeun rasana, rasa beakeun imanna.
Keur narjamahkeun imanna, bari geus suda rasana,

rasa geus taya hartina, harti kecapna geus musna.
Ahirna asal nyarita, ku basa nu teu biasa,

ngukur Dzat Maha Kawasa, ku basa keur ka manusa.
Dzat Nu Agung mah teu ruhun, cekap dawuh

Kun Faya Kun,

sadaya estu kasuhun, teu langkung dawuh Nu Agung.
63. JELEMA ANU ADIGUNG (:2/118) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Sakapeung aya nu mikir, cenah pamikir mutahir,

ngomongna nyanyahoan, nganaha-naha Pangeran,
Naha teu lungsur muji’zat, sapa’at sareng karomat,

naha teu ngadawuh langsung, jalma kitu teh adigung.
Baheula oge geus aya, ngomongna kitu sarua,

nu kitu sombong kacida, asa heueuh pangpinterna.
Mikir kitu eta musrik, keur kapir teh tambah syirik,

marukan lempeng mikirna, padahal eces sasabna.
64. NURUL HIKMAH (:2/119) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Muhammad putra Abdulloh, eces jelas Rosululloh,

ari wawakil sanesna, eta teh pan urang tea.
Jadi urang sadayana, wajib ngawawarkeun warta,

warta gumbira utama, pikeun ka umat manusa.
Pancen urang sadayana, ngajak eling ka sasama,

ngeunaan ahli naraka, napsi-napsi pada-pada.
65. ULAH KABENGBAT (:2/120) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Omat kudu taki-taki, ulah rek kabengbat ati,

ku nu ngajak pindah iman, ku rupa-rupa alesan.
Urang sing boga kawani, pikeun nolak panceg ati,

ka nu ngarolo ngajakan, ngajak-ngajak pindah iman.
Pek kedalkeun pangka panceg, iman ka Alloh geus panteg,

kaimanan mangka panceg, ulah waswas rundag-randeg.
Nu pundah-pinah ageman, komo mun geus ngagem Islam,

eta tanda ipis iman, Alloh moal nangtayungan.
66. NGADERES AL-QUR’AN (:2/121,122) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Ti wengi nu sepi jempling, aya gerendeng nu wening,

horeng nuju ngaos Qur’an, dideresna lalaunan.
Waktu ngagayuh ka subuh, ngaderes Qur’an teu rusuh,

sorana halimpu pisan, ayat suci dlenyepan.
Nalika bade manceran, aya anu ngaos Qur’an,

ngagerendeng lalaunan, Al-Qur’an ditapakuran.
Dur lohor gerendeng deui, nu maos Al-Qur’an suci,

dawuhan Ilahi Robbi, teu kalangkung ungal wanci.
Surya condong ka beh kulon, nu ngaos sorana halon,

asar ahir tereh lingsir, ngaos Qur’an tengtrem pikir.
Magrib nu ngalingkup cunduk, anu ngaos brek sumujud,

kedal lisan maos Qur’an, ka Gusti Alloh unjukkan.
Rongheap geus mangsa Isa, ngaderes sabisa-bisa,

ngaos Qur’an husu pisan, pidawuhNa dilenyepan.
Kiamullail brek sumujud, sumegruk bari tahajud,

ka Alloh sumerah diri, mugia tobat ditampi.
67. ULAH SARAKAH (:2/123) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Kenging hirup hese cape, dug tinetek unggal poe,

kukumpul dunya barana, harta banda salobana.
Dipilampah kabeh cara, dapon laksana maksudna,

sarakah taya eureunna, asa rek lana di dunya.
Tambah mabok ku jabatan, ngeukeuweuk kakawasaan,

hayang jadi pangunggulna, marukan lana di dunya.
Leuheung mun inget ahirna, mieling ka aheratna,

yen ditimbang sagalana, boh dosa boh pahalana.
68. NABI IBRAHIM IMAM SADUNYA (:2/124) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Nyonto ka Nabi Ibrahim, mantenna muslim nu mu’min,

sadaya parentah Gusti, ditumutkeun panceg ati.
Sadaya parentah Alloh, ditumutkeun insya-Alloh,

teu aya anu dipungpang, henteu hamham teu hariwang.
Cocobi ti Maha Suci, ditampi ku sabar ati,

sadaya rupi ujian, ku Ibrahim dipayunan,
Nu mawi ku Gusti Alloh, Ibrahim teh Rosulloh,

kalintang dipiasih-Na, janten imamna manusa.
Muga urang sadayana, nyonto ka Ibrahim mulya,

dina mayunan cocoba, tetep sadrah panceg takwa.
69. BAITULLOH (:2/125) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Tempat suci Baitullloh, pikeun sumujud ka Alloh,

Ka’bah Mekah Mukarommah, puseur anu aribadah,
Titilar Nabi Ibrahim, nabi kongas mu’min muslim,

dianggo keur tempat solat, ka Alloh sumembah to’at.
Baheula di lebet Ka’bah, seueur berhala disembah,

Ibrahim sareng Ismail, ngabasmi arca nu batil.
Baitulloh pikeun towaf, atanapi keur itikaf,

Baitullloh kedah Suci, tempat madep ka Ilahi,
Baitulloh dina dada, sami kedah dijaraga,

Qolbu keur itikaf ruhi, kedah dipiara suci.
70. KUDU NGADU’A (:2/126) - rhs, 4 Syawal 1421 H
Mangkahade ulah hilap, upami nuju iti’kaf,

atawa nuju ngadu’a, ulah pegat nya neneda,
Kahade ulah rek hilap, ngadu’a teh henteu cekap,

ukur keur sasoranganeun, bangsa oge pek dungakeun.
Dicontokeun ku Ibrahim, mundut ka Robbul Alamin,

Mekah sareng pangeusina, ma’mur mu’min padumukna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar