Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)

21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,

margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti.
Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,

malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang.
Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,

ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana.
Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,

nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.
22. KASARAKAHAN MANUSA (:2/35) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Kasarakahna manusa, awitna ti Adam heula,

disarengan ku garwana, nyaeta ku Siti Hawa.
Padahal Alloh midawuh, ka Adam - Hawa sarawuh,

yen ulah rek wani-wani, ngadeukeutan tangkal kholdi.
Anu ngarempak aturan, eta jalma dolim pisan,

nu teu nurut ka parentah, eta teh geus tangtu salah.
Sarakah teh sipat jalma, nya kitu Adam jeung Hawa,

katambah diolo setan, sangkan ngarempak larangan.
23. KUDU DAEK CAPE HEULA (:2/36,37) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Adam jeung Hawa lat lali, nararuang buah kholdi,

harita breh katingali, salirana henteu buni.
Atuh isin sakalangkung, buligir henteu disarung,

enggal ngala dangdaunan, dianggo pikeun nutupan.
Lajeng Alloh teh ngadawuh, ayeuna mah uah-iuh,

Adam jeung Hawa ditundung, kenging bebendu Yang Agung.
Ka dunya kedah ngumbara, jeung bakal panggih gumbira,

tapi kudu cape heula, tepi kana hiji mangsa.
Urang nu hirup ayeuna, turunan Adam jeung Hawa,

Mun hirup embung sangsara, kudu cape gawe heula.
Urang oge bani Adam, nu hirup di ieu alam,

kudu ngarandapan cape, nya eta kudu digawe.
Alloh nampi pertobatna, tobatna Adam jeung Hawa

Alloh Maha ngahampura, ka sadaya dosa jalma.
Urang oge atuh sami, kedah tobat ka Ilahi,

tangtosna ge dihampura, da Alloh Heman kacida.
24. KUDU DILENYEPAN (:2/38,39) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Yeuh sakabeh Bani Adam, urang teh geus didawuhan,

bakal aya dawuh Suci, pituduh Ilahi Robbi.
Urang mah pan gaduh Al-Qur’an, eta pikeun tuduh jalan.

nya alhmadulillah pisan, kenging ni’mat ti Pangeran.
Eusi Al-Qur’an lenyepan, pituduh nu lempeng pisan,

tuduh jalan kaimanan, sangkan henteu sasab jalan.
Nu mawi sing ati-ati, tong nyeceleh ayat Suci,

bilih dibendon ku Gusti, di narakana abadi.
25. ULAH JALIR JANGJI (:2/40,41) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Lamun urang gaduh jangji, ka sasama pada jalmi,

komo jangji ka Ilahi, kudu dicumponan pasti.
Mungguh pidawuh Pangeran, Al-Qur’an moal nyalahan,

moal papalimpang eusi, da puguh dawuh Nu Suci.
Kade ulah wani-wani, nukar-nukeur ayat suci,

mokaha nyanyahoanan, eta teh dilarang pisan.
Nukar-nukeur ayat suci, marukan teu matak rugi,

hayang untung leuleutikan, bakal dibendon Pangeran.
26. TUKANG TIPU (:2/42) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Aya sawarehna jalmi, nu mokaha wani-wani,

maksudna mah embung rugi, hayang untung anu pasti.
Nyampur aduk sakarepna, nu halal jeung nu haramna,

hak batur ge digerejud, hawek tukang kakad-kukud.
Hak batur ulah digasab, kitu lampah eta sasab,

moal jamuga nya diri, cilaka anu geus pasti.
Kitu laku estu salah, lampah kitu kudu cegah,

hak batur ulah direbut, nu kitu teh goreng patut.
27. SOLAT TIHANGNA AGAMA (:2/43,44) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Solat wajib anu lima, kade kudu dipiara,

eta tihangna agama, tandaning jelema takwa.
Mayar jakat ulah elat, sabab eta teh amanat,

tandana jelema to’at, ku Alloh bakal dirahmat.
Hayu geura sujud ruku, ka Alloh madep mituhu,

bareng jeung jalma nu iman, nu sumujud ka Pangeran.
Kapan maraca Al-Qur’an, naha henteu dilenyepan,

geura ku andika pikir, nu matak sing mindeng dzikir.
28. LOBA ALESAN (:2/45,46) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Puguh mah kantenan pisan, sabar teh ku abot pisan,

sok mehmehan kawalahan, rek sabar teh sesah pisan.
Rek solat kaleked pisan, mindengna hoream pisan,

ku rupa-rupa alesan, padahal ngan jijieunan.
Padahal ku kasabaran, eta teh keur mere jalan,

keur ngungkulan pasualan, kasabaran teh nulungan,
Solat oge kitu sami, bakal nulungan ka jalmi,

kitu pidawuh Pangeran, solat jeung sabar lakonan.
Mangka husu hakul yakin, percaya lahir jeung batin,

yen urang di hiji wanci, bakal mulang ka Nu Suci,
29. KEDAH SUKURAN (:2/47,48) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Ari mungguhing manusa, sok hilap kana asalna,

yen hirup di alam dunya, kapurba Maha Kawasa.
Henteu kendat kenging ni’mat, tur kenging kurnia rohmat,

punjul ti mahluk nu lian, tapi sok hilap sukuran.
Nu mawi kedah iatna, salira kedah diraksa,

diri pribadi dijaga, bisa pinanggih cilaka.
Napsi-napsi pada-pada, nanggung amal ibadahna,

moal aya nu nulungan, ngan ditanggel ku sorangan.
30. KISAH ANU BIHARI (:2/49,50) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Mung Alloh anu nulungan, ka umatna anu iman,

urang omat ulah lali, kana kisah nu bihari.
Keur Israel ditulungan, ku Alloh ditangtayungan,

tina kejemna Fir’aon, anu ku Alloh dibendon.
Israel harita jangji, bakal takwa ka Ilahi,

tapi kalah jalir jangji, nyembah arca anak sapi.
Boa urang ge ayeuna, aludar tina subaya,

nyarembah kana berhala, mangeran ka harta banda.
Tapi lamun enggal sadar, yen kitu laku teh ingkar,

enggal neda pangampura, Alloh Maha Wijaksana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar