Selasa, 27 Juli 2010

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 4)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 4)

31. ULAH NURUTAN JELEMA ANU DOLIM (:2/51,52) - rhs, 1 Syawal 1421 H
Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,

umat jaman Nabi Musa, nyarembah arca berhala.
Padahal geus dielingan, ku Nabi Musa utusan,

dina Toret geus diserat, Alloh maparin amanat.
Urang ge jaman ayeuna, kade ulah kitu peta,

gawe ngumpul-ngumpul harta, harta dijieun berhala.
Mun rumaos nyorang lepat, atuh kedah gancang tobat,

da Alloh mah Maha Heman, ngahapunten kalepatan.
32. KITABULLOH TEH KISAH ANU NYATA (:2/53,54) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Sadayana kitabulloh, eta teh wahyu ti Alloh,

tur sanes dongeng carita, nanging kisah anu nyata.
Kitabulloh kisah nyata, urang wajib percantenna,

sanes dongeng jijieunan, nanging firman ti Pangeran.
Sadaya pikeun pepeling, sangkan manusa areling,

ulah dolim k aniaya, bisi cilaka dirina.
Kudu buru-buru tobat, bisi kaburu sakarat,

Alloh bakal nampi tobat, asal tobatna tong elat.
33. ULAH SOK ASAL NYARITA (:2/55,56) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Ayeuna ge seueur pisan, anu nyarita su’aban,

hayang ningali Pangeran, nu kitu teh sombong pisan.
Jelema nu sombong kitu, eta teh nu gede hulu,

geus kacontoan baheula, jaman umat Nabi Musa.
Ulah sok asal nyarita, rasa maneh geus utama,

padahal iman di doja, ku napsu tong kaperdaya.
Asal ngomong eta ingkar, bilih ku gelap dibentar,

upami Alloh teu heman, tangtu moal dihirupan.
34. ANU DOLIM TEH SAENYANA DIRINA PRIBADI (:2/57) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Panas dinten tengah poe, meujeuhna pisan tangange,

panasna entak-entakan, sagara keusik umpalan.
Titingalan ririakan, hawa teh lir seuseuneuan,

panas teu aya tandingna, di tengah gurun Sahara.
Lajeng ku Alloh Nu Heman, mega ngalayang ngiuhan,

ka umatna Nabi Musa, iuh dipayungan mega.
Dilungsurkeun keur leueuteun, manna bilih halabhabeun,

dilungsurkeun oge salwa, daging puyuh keur tuangna.
Alloh kalintang asihna, ka umatna anu takwa,

nu dolim mah nya dirina, Alloh mah teu kaniaya.
35. BAITUL MAQDIS (:2/58,59) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Baetul Maqdis tetela, tempat suci nu utama,

di Palestina pernahna, patilasan Nabi Musa.
Bani Isroil harita, keur alamna Nabi Musa,

lebet ka Baitul Maqdis, bari sumegruk narangis.
Lebetna ka lawang kori, sumegruk bari ngageuri,

neda pertobat ka Gusti, neda hampura haksami.
Alloh kalintang asihna, ka jalma hade lampahna,

bakal diwuwuh kurnia, Alloh kalintang welasna.
Ngan wungkul jalma cilaka, nu mengparkeun parentah-Na,

nu kitu fasik ngaranna, bakalna kenging tunggara.
36. MUJIZATNA NABI MUSA AS (:2/60) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Menggahing kanggo Alloh mah, teu aya nu matak sesah,

sadayana oge gampil, teu aya barang mustahil.
Mujizatna Nabi Musa, iteuk anu dicepengna,

seug dianggo meupeuh batu, cur cor malancer nyinyusu.
Duawelas kokocoran, duawelas keur sungapan,

duawelas seler bangsa, geus puguh bageanana.
Kitu asihna Ilahi, nu maparinan rejeki,

nu matak kudu sukuran, ulah nyieun karuksakan.
37. ULAH SARAKAH (:2/61) - rhs, Syawal 1421 H
Nya kitu diri urang ge, mindeng tara sabar hate,

sarakah loba kahayang, itu hayang ieu hayang.
Saperti umatna Musa, padahal sarwa sadia,

tedaeun nu ti sawarga, aya salwa aya manna.
Hayoh hayang anu beda, dicipta diaya-aya,

pamenta kaleuleuwihi, teu nampi kana rejeki.
Ka jelema nu sarakah, kahayang sarwa awuntah,

ku Alloh teh dibenduan, da tara daek sukuran.
38. KEDAH IMAN KA ALLOH SWT (:2/62) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Sakur jelema nu iman, anu iman ka Pangeran,

nu iman ka Gusti Alloh, dipirido Gusti Alloh.
Bade Yahudi Nasrani, kaom Shabi’in ge sami,

asal iman ka Ilahi, tangtos diganjar ku Gusti.
Sadaya jalma nu iman, moal waswas moal hamham,

tengtrem ayem tumaninah, hirupna pinuh berekah.
Ka sadaya umat muslim, boh Nasoro boh Shabiin,

asal leres-leres mu’min, Alloh mah Gofururrohim.
39. YA ALLOH MUGIA ABDI DIJAGI (:2/63,64) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Mugi pangampura Gusti, lumungsur ka abdi-abdi,

bilih abdi jalir jangji, udar subaya pasini.
Nalika di alam Qadim, abdi kedal jangji yakin,

nyembah teh mung ka Ilahi, ka Alloh Robbul Izzati.
Mugia abdi dijagi, ulah jalir tina jangji,

abdi teh kalintang risi, hirup abdi sieun rugi.
Mun henteu diasih Gusti, hirup abdi tangtos rugi,

cilaka dunya aherat, pegat rahmat sareng ni’mat,
Ya Alloh Ilahi Robbi, neda pangjaring ti Gusti,

jisim abdi estu gimir, sieun hirup jadi kapir.
40. ANU DISUPATA KU ALLOH SWT (:2/65,66) - rhs, 3 Syawal 1421 H
Jaman alam Nabi Musa, umatna milampah dosa,

dinten Sabbat ibadahna, tapi dirempak umatna.
Poe Sabbat anu suci, nu dimulyakeun Yahudi,

umatna lain ibadah, kalah terus bae mijah.
Lajeng disupata Gusti, jadi kunyuk monyet pasti,

sabab tingkah laku kitu, kawas sato nu geus tangtu.
Kapan mungguh ari kunyuk, teu sopan teu ruak-riuk,

enggeus leungit kaerana, ngagugulukeun napsuna.
Tina ieu kajadian, muga jadi palajaran,

keur umat anu pandeuri, ulah nurutan Yahudi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar